Langit keur caang bengras kagambar
Kapulas warna biru ngalinduh
Mega dararatang bodas narembongan
Katebak ku angin baris rak-arakan
Itu gunungna eta sagarana
Nu ngeplak caina di talaga warna
Tah ieu jalanna nu mapaes rasa
Sok matak kagugah ku endah alamna
Angin leutik ngahiliwir
Nembrak pasir nulungkawing
Tatangkalan yag-oyagan
Disabuter situ di Talaga Warna
Hibar-hibaran di luhur langit keur caang
Angkleung-angkleungan mega bodas rak-arakan
Eundeuk-eundeukan tatangkalan dadaunan
Katebak angin leutik eundeuk-eundekan
Hibar-hibaran di luhur langit keur caang
Angkleung-angkleungan mega bodas rak-arakan
Riak-riakan talagana ririakan
Matak ngagugah rasa di Talaga Warna
Matak ngagugah rasa di Talaga Warna
*
Itu gunungna eta sagarana
Nu ngeplak caina di Talaga Warna
Tah ieu jalana nu mapaes rasa