Jang, hirup teh teu gampang
Teu cukup ku dipikiran
Tapi bari dilakonan
Jang, jalan kahirupan
Heunteu sapanjangna datar
Aya mudun jeung tanjakan
Kudu sabar dina kurang
Ulah neupak dada beunghar
Salawasna kudu syukur
Eling kanu maha agung
Kade hidep bisi kufur
Jang, cing jadi jalma gede
Cing jadi jelema gede
Beunghar harta jemar hate
Jang, hidep cing ngajalma
Turut parentah agama
Ulah jauh ti ulama
Nyobat sareng ahli tobat
Dalit sareng para kiayi
Hirup keuna ku owah gingsir
Ngarah aya anu ngageuing
Mangsa lengkah ninggang salah
Cing pinter tur bener
Cing jujur tong bohong
Ulah nganyerikeun batur
Ngarah hirup loba dulur
Raksa ucap langkah
Tekad jeung tabe'at
Ngarah pinanggih bagja
Salamet dunia akhirat
Jang... Jang...
Cing jadi jalma sholeh
Jang, cing jadi jalma hade
Cing jadi jelema gede
Beunghar harta jemar hate
Jang, hidep cing ngajalma
Turut parentah agama
Ulah jauh ti ulama
Nyobat sareng ahli tobat
Dalit sareng para kiayi
Hirup keuna ku owah gingsir
Ngarah aya anu ngageuing
Mangsa lengkah ninggang salah
Cing pinter tur bener
Cing jujur tong bohong
Ulah nganyerikeun batur
Ngarah hirup loba dulur
Raksa ucap langkah
Tekad jeung tabe'at
Ngarah pinanggih bagja
Salamet dunia akhirat
Jang... Jang...
Cing jadi jalma sholeh
Cing pinter tur bener
Cing jujur tong bohong
Ulah nganyerikeun batur
Ngarah hirup loba dulur
Raksa ucap langkah
Tekad jeung tabe'at
Ngarah pinanggih bagja
Salamet dunia akhirat
Jang... Jang...
Cing jadi jalma sholeh
Jang... Jang...
Hidep cing sholeh